(dicutat jeung disundakeun ku Mbah Beben)
PUHER
Sumber: 1: SULANDARI et al. (2006); 2: CANDRAWATI, (2007); 3: ISKANDAR et al. (2004); 4: NATAAMIJAYA (2005);
5: NURHAYATI (2001)
Tabel 4. Baranghakan sapopoeē tina
sababaraha bahan parab anu disadiakeun ku cara parasmanan dumasar kana gizi anu
diperlukeun dina sapoēna.
Tabel 5. Beurat hirup hayam sentul
dibandingkeun jeung hayam kampung liana
Sumber: 1)SUSANTI et al. (2009); 2)CRESWELL dan GUNAWAN
(1982)
Tabel 7. Polah (kinerja) reproduksi
Hayam Sentul.
*) indek endog dipangaruhan ku
genetik, rumpun bangsa jeung proses ngajadina endog (Romanoff jeung Ivanov,
1963) *) Densum hartina karapetan sēl
spērmatozoa anu alus *) +++ nyaēta gerak massa anu mibanda
motilitas luhur nilaina 4
Sumber: 1)SOEPARNA
et al. (2005); 2)SULANDARI
et al. (2006); 3)NATAMIJAYA
et al. (2003).
Tabel 8, Karakteristik endog Hayam
Sentul
Sumber: NATAAMIJAYA et al. (2003)
Tabel 9. Matrik jarak genetik antara
Hayam Sentul jeung hayam lian
Uji statistika dumasar kana metode
REML (Restricted Maximum Likelihood
Estimation) jeung selang kapercayaan 96%
CANDRAWATI,
V.Y. 2007. Studi Ukuran dan Bentuk Tubuh Ayam Kampung, Ayam Sentul dan Ayam
WarengTangerang Melalui Analisis Komponen
Utama. Skripsi. Program Studi Teknologi Produksi Ternak Fakultas Peternakan Institut Pertanian Bogor, Bogor.78 hlm.
CRESWELL,
D.C. dan B. GUNAWAN. 1982. Pertumbuhanbadan dan produksi
telur 5 strain ayam sayur padasistem peternakan intensif. Pros.
Seminar Penelitian Peternakan. Cisarua, Bogor, 8 – 11 Februari 1982. Puslitbang Peternakan, Bogor. hlm. 236
– 240.
DIWYANTO,
K., D. ZAINUDDIN, T. SARTIKA,
S. RAHAYU, DJUFRI,
C. ARIFIN dan CHOLIL.
1996. Model Pengembangan Peternakan Rakyat Terpadu Berorientasi Agribisnis.
Komoditi Ternak Ayam Buras. Laporan kerjasama Direktorat Jendral Peternakan
dengan Balitnak.
GILBERT,
A. B. 1980. Poultry. In:
Reproduction in farm animals. 4th
Ed. HAFEZ, E.S.E. (Ed). Lea and Febiger, Philadelphia. pp. 423 – 446.
GUNAWAN,
B., D. ZAINUDDIN, S. ISKANDAR,
H. RESNAWATI dan E. JUARINI, 2004. Pembentukan Ayam Lokal Petelur Unggul. Laporan Penelitian
Ternak Unggas APBN 2003. Balitnak, Bogor. hlm. 47 – 65.
HARDIYANTO.
1993. Pengaruh semen ayam segar maupun setelah diencerkan dan disimpan melalui
inseminasibuatan terhadap fertilitas dan kematian embrio telur ayam kampung. J.
Ilmiah Ilmu-Ilmu Peternakan 3(4) : 47 – 56.
HUTT,
F.B. 1949. Genetics of the Fowl. McGraw-hill book, Inc. New York, Toronto,
London. 590 p.
ISKANDAR,
S. dan T. SUSANTI. 2007. Karakter dan manfaat ayam
pelung di Indonesia. Wartazoa 17(3): 128 –136.
ISKANDAR,
S., A.R. SETIOKO, S. SOPIYANA,
Y. SAEFUDIN, T. SARTIKA,
E. WAHYU, R. HERNAWATI dan
E. MARDIAH. 2005. Konservasi in-situ ayam Pelung, ayam Sentul, dan
ayam Kedu, dan karakterisasi sifat kuantitatif dan kualitatif ayam Sedayu,
Wareng, dan Ciparage. Kumpulan Hasil-Hasil Kegiatan Penelitian APBN Tahun 2004.
Balai Penelitian Ternak, Ciawi, Bogor. hlm. 23 – 48.
ISKANDAR,
S., A.R. SETIOKO, S.SOPIYANA,
Y. SAEFUDIN, SUHARTO dan
W. DIEDJOPRATONO. 2004. Keberadaan dan karakter ayam
Pelung, Kedu dan Sentul di lokasi asal. Pros. Seminar Nasional Klinik
Terknologi Pertanian Sebagai Basis Pertumbuhan Usaha Agribisnis Menuju Petani
Nelayan Mandiri. Menado 9 – 10 Juni 2004. Puslitbang Sosial Ekonomi Pertanian,
Bogor. hlm. 1021 – 1033.
ISKANDAR.
2007. Gambar Jenis-Jenis ayam Sentul. In:
Mengenal Plasma Nutfah ayam Indonesia dan Pemanfaatannya. DIWYANTO, K. (Ed.). Balai Penelitian Ternak, Bogor. hlm. 94 – 96.
ISKANDAR.
S, S. SASTRODIHARDJO, E. BASUNO,
B. WIBOWO, SUDRADJAT,
A. NUGRAHA dan A. RAHMAT. 1993. Inseminasi buatan pada usaha pembibitan ayam buras
kelompok tani di Desa Gunung Cupu, Kabupaten Ciamis. Pros. Pengolahan dan
Komunikasi Hasil- Hasil Penelitian Peternakan di Pedesaan. Ciamis, 27 –29
Januari 1993. Balai Penelitian Ternak, Ciawi, Bogor. hlm. 40 – 44.
JUNIANTO,
L., B. SUTIONO
dan S. KISMIATI. 2002. Pengaruh pengenceran semen dengan berbagai kuning telur
unggas terhadap motilitas dan daya hidup sperma ayam Kampung. J. Trop. Anim.
Dev. 27(1): 30 – 35.
KINGSTON,
D.J. 1979. Peranan ayam berkeliaran di Indonesia. Laporan Seminar Ilmu dan
Industri Perunggasan II. Ciawi, Bogor 21 – 23 Mei 1979. Puslitbang Peternakan,
Bogor. hlm. 13 – 29.
KISMIATI,
S. 1997. Pengaruh Interval Inseminasi Terhadap Performan Reproduksi dan
Heritabilitas PertumbuhanAyam Kedu Hitam. Tesis. Program
Pascasarjana Universitas Gadjah Mada, Yogyakarta. 96 hlm.
MANSJOER SS. 1985. Pengkajian sifat-sifat produksi ayam kampung serta
persilangannya dengan ayam Rhode Island Red. Disertasi. Program Pascasarjana
Institut Pertanian Bogor, Bogor.
NALBANDOV,
A.V. 1990. Fisiologi Reproduksi pada Mamalia dan Unggas Cetakan I. Diterjemahkan oleh: KEMAN, S. Universitas Indonesia Press, Jakarta. 378 hlm.
NATAAMIJAYA,
A.G. 2000. The native of chiken of Indonesia. Bull. Plasma Nutfah 6(1): 1 – 6.
NATAAMIJAYA,
A.G. 2005. Karakteristik penampilan pola warna bulu, kulit, sisik, dan paruh
ayam Pelung di Garut dan ayam Sentul di Ciamis. Bull. Plasma Nutfah 10(1): 1 –
10. http://bp2tp.litbang.deptan. go.id/file/wp04_11_ayam sentul.pdf. (22 Oktober 2010).
NATAAMIJAYA,
A.G., K. DIWYANTO, HARYONO,
E. SUMANTRI dan M. KUSNI. 1994. Karakteristik morfologis delapan
varietas ayam bukan ras (Buras) langka. Pros. Seminar
Nasional Sains dan Teknologi Peternakan. Ciawi – Bogor, 25 – 26 Januari 1994.
Balai Penelitian Ternak, Puslitbang Peternakan, Bogor. hlm. 605 – 614.
NATAAMIJAYA,
A.G., K. DIWYANTO, S.N. JARMANI dan HARYONO, 1995. Konservasi Ayam Buras Langka
(Pelung, Nunukan, Gaok, Kedu Putih dan Jenis Ayam Buras Lainnya). Laporan
Kemajuan Penelitian Balai Penelitian Ternak, Ciawi, Bogor
bekerjasama dengan Proyek Pemanfaatan dan Pelestarian Plasma Nutfah Pertanian, Bogor. hlm. 1 – 20.
NATAAMIJAYA,
A.G., S.N. JARMANI
dan T. SARTIKA. 1996. Konsep Strategi Penanganan Pelestarian Plasma Nutfah
Pertanian Secara Ex-situ Ternak Ayam Buras. Proyek Pemanfaatan dan Pelestarian
Plasma Nutfah Pertanian, Bogor.
NATAAMIJAYA.
A.G., A.R. SETIOKO, B. BRAHMANTYO dan
K. DIWYANTO. 2003. Performans danm karakteristik
tiga galur ayam local (Pelung, Arab, Sentul). Pros. Seminar Nasional Teknologi
Peternakan dan Veteriner. Bogor, 29 – 30 September 2003. Puslitbang Peternakan,
Bogor. hlm. 353 – 359.
NURHAYATI,
A.. 2001. Studi fenotif ayam Sentul di Kecamatan Cipaku Kabupaten Ciamis Jawa
Barat. Skripsi. Fakultas Peternakan Institut Pertanian Bogor, Bogor.
PARTODIHARDJO,
S. 1982. Ilmu Reproduksi Hewan. Cetakan I. Mutiara, Jakarta.
PERATURAN MENTERI PERTANIAN
NOMOR 49/PERMENTAN/OT.
140/10/2006. Tentang Pedoman Pembibitan Ayam Lokal yang Baik. http://www.deptan.go.id/bdd/ admin/ file/Permentan-49-06.pdf. (22
Oktober 2010).
PIKIRAN RAKYAT. 2009. Ciamis Kembali Kembangkan Peternakan Ayam Sentul. Surat
kabar Pikiran Rakyat edisi 09/10/2009. http://www.pikiran-rakyat.com/ node/98815 (22 Oktober 2010).
PIKIRAN RAKYAT. 2010. Peternakan Ayam Sentul Kembali Meningkat. Surat kabar
Pikiran Rakyat edisi 10/05/2010. http://www.pikiran-rakyat.com/node/ 113158. (22 Oktober 2010).
ROMANOF,
A.L. and A.J. ROMANOFF. 1963. The Avian Egg. John Willey and
Sons, Inc., New York. SARTIKA
. T, S. ISKANDAR, L.H. PRASETYO, H. TAKAHASHI,
and M. MITSURU. 2004. Kekerabatan genetik ayam Kampung,
Pelung, Sentul, dan Kedu Hitam dengan menggunakan penanda DNA mikrosatelit: I.
Grup pemetaan pada mikro kromosom. JITV 9(2): 81 – 86.
SARTIKA,
T. dan S. ISKANDAR. 2007. Mengenal plasma nutfah ayam
Indonesia dan pemanfaatannya. Balai Penelitian Ternak, Puslitbang Peternakan,
Bogor. hlm. 93 – 94.
SIDADALOG,
J.H.P. 2007. Pemanfaatan dan kegunaan ayam lokal Indonesia. Keanekaragaman
Sumber Daya Hayati Ayam Lokal Indonesia: Manfaat dan Potensi. In: DIWYANTO,
K. dan S.N. PRIJONO
(Ed.). Puslit
Biologi LIPI. hlm. 27 – 42.
SIDADALOG,
J.H.P. dan H. SASONGKO. 1990. Genetika Produksi Telur dan
Pertumbuhan pada Ayam Lokal. Laporan Penelitian No. 232/P4M/DPPM/BDXXI/ 1989.
Fakultas Peternakan Universitas Gadjah Mada, Yogyakarta.
SINURAT,
A.P., SANTOSO. E. JUARINI,
SUMANTO, T. MURTISARI dan
B. Wibowo. 1992. Peningkatan produktifitas ayam buras melalui pendekatan sistem
usaha tani pada peternak kecil. Ilmu dan Peternakan 5: 73 – 77.
SOEPARNA. K. HIDAJAT dan
T.D. LESTARI. 2005. Penampilan reproduksi tiga
jenis ayam lokal Jawa Barat. Pros.
Lokakarya Nasional Inovasi Teknologi Pengembangan Ayam Lokal. Semarang, 26
Agustus 2005. Puslitbang Peternakan dan Fakultas Peternakan Universitas
Dipenogoro, Semarang. hlm. 105 – 113.
SOMES, R.G. 1988. International registry of
poultry genetics stocks. Bull. DOC. No 476. Storrs Agricultural experiment. The
university of Connecticut. Station Storrs, Conecticut 06268.
STURKIE, P.D. and H. OPEL. 1976. Reproduction in The Male, Fertilization and Early
Embryonic Development. Chapter 17. In:
Avian Physiology Second Ed. STURKIE, P.D. (Ed.). Springer-Verlag. New
York Heidel berg Berlin. pp. 335 – 336.
SULANDARI, S., M.S.A. ZEIN and T. SARTIKA. 2007. Unblocking Indonesian
Indigenous Chicken Genome to Explore Genetic Resistance to Avian Influenza
Virus Infection. Laporan Kemajuan Kegiatan Tahap II, Program Insentif KNRT
Tahun Anggaran 2007.
SULANDARI, S., M.S.A. ZEIN, T. SARTIKA
dan S. PARYANTI. 2006. Karakterisasi Molekuler Ayam Lokal Indonesia. Laporan
Akhir Program penelitian dan Pengembangan IPTEK Riset Kompetitif LIPI tahun
anggaran 2005 – 2006. DIPA Biro perencanaan dan keuangan LIPI dan Puslit
Biologi, LIPI.
K.L. Lauw & Erick Van Brekellen. 1921.
Pandoe Bahasa Melaju I Beternak Ajam Kampoeng Indiche – Peroesahaan Ternak
“MISSOURI” Pangalengan. Hlm. 28-41.
Perbakti ;
Tujul kukus
santung kawangi, kaluhur ka sanghyang rumuhun, ka handap ka sanghyang batari, ka batara ka batari kanu nyipta waktu
tadi nyaēta Alloh
Ta’ala. Tujul nu kasuhun ka karuhun Galuh, sampura ka para karamat Sunda, perbēat ka para malaikat, perbakti ka para
wali, bagja surga keur para suhada, babakti ka para nabi, safaat nu di teda ka
kakasih samarcapada Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Sampura sun...,
ka indung nu ngandung hampura ka bapa nu ngayuga ogē ka indung nu teu ngandung ka bapa nu
teu ngayuga indung batin bapa batin katut ka dulur batin. Hum majemuk teu di
wiji-wiji.
Bismillahir
rohmanir rohimi,
Ngawitan ku
asma Alloh anu welas-asih, Bisi seuweu-siwi kurang nastiti, Tambelar ireung
taligeuh, Kurang tata kurang titi, salah diēntēp seureuhna,
pahuat-pahuit, pakutrak-paketrok, congo dijieun puhu, puhu dijieun congo,
sampura-sun kasadayana ....
Unjuk nu
kasuhun, hampura nu kapēnta,
perbaktos nu didolos mugia diaping di jaring di jaga diraksa, di lingling ti
peutingna dilanglang tibeurangna, jadian kuras jadian tahun, waluya somah di
rahayuna, bagja manusana, raharja nagarana, gemah ripah didesana loh jinawi di
nagarina.
Nyutat nurut
ecom pangrewong, nyukcruk galur ngaguar sajarah, ilu ucap cumarita pangersa
Bapa Prof. Sopjan Iskandar sangkan jadi panemu anu maranti, nirukeun pangandika nonoman
nu luhung ku elmu jembar ku pangabisa pupuhu para panimu Sang Lumahing nu
ngahyang di dunyamaya.
Pun sapun,
ampun paralun, sampura-sun ....,seug kula jurungkeun, Mukakeun turup mandepun,
nyampeur nu dihandeuleumkeun, teundeun poko nu bareto nu mangkuk dijujut jeung diraut,
ukireun dina lalangit tataheun di jero iga, hanaguni hana mangkē, tan hana guni tan hana mangke, aya ma
baheula tu ayeuna, hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang,
hana ma tunggulna aya tu catangna...
Ngukut hayam
sentul lain palid ku cai atah, tapi estura wangsit anu ngajadi alatan pangait ti nonoman para abdi dalem rēngrēngan pangjeujeuh Yanto Suprianto Kabid teknis Disnakan
Kab. Ciamis jeung dalem Ciamis ti mimiti taun 2014 . Kiwari Si Jelug geus lugay
ti pasarēan, turun
lembur nyebar turunan, sangkan hayam sentul kapibanda ku balarēa. Ngajadi hayam sajati rancatan pangala,
estura banda warisan Ciungwanara. Cag ...
Mbah Beben,-
PUHER
Kotok Sentul salah sahiji sumber daya genetik pituin tatar Galuh Ciamis
Jawa Barat. Pinunjulna kotok ieu nyaēta tumuwuhna anu kacida cepetna jeung
produksi endogna anu loba kalawan tektur daging anu hipu sanajan kolot umurna
tur mibanda cita rasa anu gurih dibandingkeun jeung hayam liana. Kapinunjulan ēta
ngajadikeun kotok sentul bisa pikeun
komoditas industri rakyat widang hayam lokal. Wangkid ieu Pamarēntah geus museurkeun
kalawan tuhu pikeun merhatikeun mekarna Kotok Sentul. Mekarkeun Kotok sentul ēstu penting kacida
pikeun ngamustarikeun tina kapunahan ogē ngagali pinunjulna sato ēta sangkan
sapinuhna bisa dimangfaatkeun.(Cecep Hidayat & S. Sofiana)
Tabel 1. Prosēntase Perbandingan rupa bulu, Pamatuk, jeung sisit cēkēr Kotok sentul.
Tabel 2. Karakteristik
kualitatif Kotok Sentul Bikang sawawa
(Iskandar et al, 2004)
1.
BUBUKA
Kotok Sentul
mangrupakeun salah sahiji tina 32 hayam lokal anu aya di Indonesia, (Nataamijaya,
2000) habitat asli Kotok Sentul ti tatar Galuh Kabupaten Ciamis, Jawa Barat (Nataamijaya,
1995). Kotok Sentul kaasup salah sahiji diantara dalapan (8) golongan hayam
lokal anu aya di Jawa barat. nyaēta ;
No
|
Golongan Hayam
|
Asal Daerah
|
1.
|
Sentul
|
Ciamis
|
2.
|
Lamba
|
Garut
|
3.
|
Jantur
|
Pamanukan - Subang
|
4.
|
Wareng
|
Indramayu
|
5.
|
Pelung
|
Cianjur - Sukabumi
|
6.
|
Ciparage
|
Karawang
|
7.
|
Burgo
|
Cirebon
|
8.
|
Kibanten
|
Banten
|
(Suparna, et. al, 2005)
Nataamijaya,(2005)
nganyatakeun yēn populasi Kotok
Sentul di Kabupatēn Ciamis teu
leuwih ti sarēbu jeung nyebar di sababaraha kacamatan wewengkon Kabupatēn Ciamis, anu dipibanda ku tiap
kulawarga rahayat Ciamis kacida saeutikna ogē dipiara ku cara diaburkeun (Iskandar,2005).
Kotok Sentul dipiara ku cara sēmi
intēnsif jeung dijadikeun
komoditas anu ningkatkeun pangala sababaraha masyarakat Ciamis (Iskandar,2005)
Kamampuan produksi Kotok Sentul lumayan alus, dina sataun mampuh ngahasilkeun
100 endog leuwih pinunjul ti hayam kampung lianna anu aya di Indonesia, sabab
hayam lian ngan mampu ngahasilkeun endog 70 siki dina sataun, kitu ogē dina tumuwuhna keur umur 10 minggu
paling henteu 1 kg beuratna, leuwih beurat 0,1 nepi ka 0,2 kg dibandingkeun
jeung hayam kampung lianna. (Trobos,2010).
Mangrupa
plasma nutfah pituin Kabupatēn Ciamis, mekarkeun Kotok Sentul ēstu kawajiban rahayat tatar galuh anu
kiwari geus jadi puher perhatian Pamarentah, kukituna pikeun ngarojong upaya ēta dina makalah ieu ngabahas potensi
jeung ciri wanci produksi pikeun leuwih mekar jeung kaala mangfaat ogē hasil salawasna.
2.
SAJARAH
Ngenaan sajarah Kotok
Sentul, kaistrēnan dina carita galur sajarah Karajaan galuh jaman Raja Adimulya
Permanadikusumah anu diangkat raja ku Sanjaya. Raja Adimulya Permanadikusumah mibanda
gelar Bagawat Sajala-jala dina widang kaelmuan jeung gelar Anjar Sukaresi dina
widang kaagamaan. Gelar ēta teu ahēng deui pikeun masyarakat di wewengkon Bojong Galuh
Karangkamulyan jeung masyarakat wewengkon Gegersunten Tambaksari, Adimulya
Permanadikusumah lahir dina tahun 683 Masēhi anak Wijaya Kusumah
patih Karajaan Sawung Galah Kuningan. Mibanda pamajikan anu ngaran Naganingrum
ti Garatengah.
Sanjaya turunan Karajaan Sunda jeung Galuh anu jadi Raja Singhosari
alatan iana jadi minantu Ratu Shima, anu saterusna ngadegkeun Karajaan
Majapahit. Sanjaya ngangkat Adimulya
permanadikusumah jadi Raja Galuh pikeun ngarujukeun kulawarga Karajaan Galuh
jeung Karajaan Sunda utamana pikeun mupus satru pupuhu Galuh nyaēta Batara Sempakwaja jeung Resi Guru Jantaka anu mukim di Singasari
(wewengkon Mekarsari-Tambaksari). Pikeu nguatkeun pulitikna Sanjaya ngawinkeun
Adimulya Permanadikusumah ka anak patih Anggada ti Karajaan Sunda anu ngaran Pangrenyep dulur misan pamajikan
Sanjaya ti Karajaan Sunda.
Waktu anak Adimulya Permanadikusumah ti Naganingrum nyaēta Manorah umur 5 taun, iana ngarasa teu genah jadi Raja galuh anu ku
pulitik Sanjaya sacara teu langsung kudu tunduk ka Karajaan Sunda, iana masrahkeun
karajaan ka patihna anu ngaran Tamperan. Adimulya Permanadikusumah miang tatapa
ka Gunung Padang (situs Melatitukum panggedēna di Asia-Fasifik, Cianjur). Tamperan hianat ka Adimulya
permanadikusumah ku ngorokoconoh Pangreyep nepi ka ngalahirkeun budak anu disebut
Kamarasa atawa Sana’a (hasil pangrasa anu salah atawa anak tina salah) ngarana
Hariang banga. Pikeun nutupan kagorēngana Tamperan nyieun padika licik ku mateni Permanadikusumah di Gunung
Padang jeung mibanda paniatan numpurkeun Turunan Permanadikusumah anu ngabogaan
hak Karajaan Galuh sangkan pamangku Karajaan tiba ka anakna nyaēta Hariang Banga.
Padika ēta katohyan ku Raksabumi katelah Kibalangantrang, pikeun
nyalametkeun Manorah jeung Naganingrum tina panandasa Tamperan, Kibalangantrang
nyileman ti karaton dibarengan ku Kinayadipa (ahli seni ronggēng jeung kokolot kanurangan) centēng Naganingrum jeung
pangasuh Manorah, 17 urang Ponggawa nu satia, 5 urang juru cangkalak, 5 juru udag,
15 juru sasayap, 6 urang juru mudi, 5 urang juru wangun nu ngagotong bebekelan
jeung tenda pucuk, saurang juru pasak lalaki nu ringkung ku parabot masak, 5
urang jawara penca ti Bahara Panjalu jeung ti Lēlēs Garut ogē saurang juru pikul nu manggul peti
wadah pusaka karajaan jeung endog hayam sakuren ngajugjug Gegersunten
(wewengkon Sodong-Tambaksari).
Manorah
tumuwuh sawawa di Gegersunten, waktu umur 8 tahun mimiti sok diajak moro ka
Leuweung Cihejo tepung di tengan leuweung sabalad-balad (balad = kanca, nelah
Gunung Kancana) oge marak di Walungan
Cisanca, iana sok loba tatanya jeung loba kapanasaran ka Kibalangantrang. Dina
Hiji waktu iana nempo Beo jeung Monyet terus nanya ka Kibalangantrang kalayan
dijawab yēn eta tēh Ciung jeung Wanara, ti danget ēta
Manorah dingaranan Ciungwanara.
Upama teu
moro atawa marak Ciungwanara sok dilatih seni jeung tatanēn, penca jeung ngagunakeun pakarang
perang diantarana Pusaka kujang lobang salapan titinggal ti karuhuna, waktu
neundeun kujang Ciungwanara nempo 2 barang anu ahēng keur iana, nu hiji semu lonyod nu hiji deui semu buleud, terus
ditanyakeun ka indungna yēn anu
2 ēta naon ngarana jeung
mangrupa pakarang naon.
Ku
naganingrum diterangkeun yen anu 2 ēta
ngarana endog hayam, lain pakakas perang tapi hiji benda anu baris hirup upama
dipegarkeun. Ciungwanara genah panasaran meredih ka indungna sangkan ēta endog dipegarkeun, indungna
nurutkeun kahayang Ciungwanara. Waktu ēta
Naganingrum bingung sabab euweuh indung hayam keur nyileungleuman endog, ku
Naganingrum endog diteundeun dina sayang Oray Sanca Manuk anu keur nyileungleum
sangkan kasileungleuman di leuweung sisi lembur.
Pamaksudan Naganingrum diijabah, endog hayam
megar jadi hayam Jago jeung Hayam Bikang, rupa bulu jeung wangun bulu badis
rupa jeung sisit oray anu megarkeunana, kulawu kolot jeung nyusun badis sisit
oray. Endog geus jadi Ciak, dirawatan ku Naganingrum ngencar pipir hawu diparab ku beuyeur beas beureum ti huma nepi
ka jajangkar. Ciungwanara kacida bungahna, Hayam nu Jago dingaranan Si Jelug
anu bikang dingaranan Si Kutik.
Si Jelug
tumuwuh sembada, Jawēr leutik gēplēk
dua alur, pamatuk lencop koneng umyang, bulu hawuk semu beureum hideung herang,
dada dangah tunggir adek ogē
siih bentik rangoas lancip seukeut naker. Ciungwanara talatēn pisan dina ngurus hayamna, mun poē haneut moyan sok dimandian bari dikojaykeun kalawan dihuapan
bakatul meunang nyanggeum dipeureutkeun dicampuan ku cēngēk asak jeung kulit kacang.
Umur Ciungwanara geus belasan taun, remen iana di bawa nyaba ka Lumbung
wewengkon Kawali nyiar parē jeung ngumpulkeun rahayat nu satia milu ka Gegersunten, Upama ka Lumbung
Si Jelug tara tinggaleun sok dibawa ku Ciungwanara dina kisa dikēlēk bari diusapan huluna. Datang ka Lumbung diparab sakebekna bari
dimandian di Sumur Panyipuhan di poyankeun di Pamoyanan wewengkon Ciomas ayeuna.
Tiap lumampah di perjalanan Kibalangantrang sok ngadongēngkeun kajadian anu sabenerna jeung saha ari
Ciungwanara saēstuna.
Ciungwanara beuki ngarti, pamikirana beuki dēwasa, jiwa
pangagungna geus mimiti tēēs, balad geus beuki loba nu mukim di Gegersunten, Balangantrang
babak-babak nyieun lembur anyar (katelah lembur Babakan wewengkon
Kaso-Tambaksari) jeung nyiar pilembureun anyar anu dingaranan Kuta,
Balangantrang jeung Ciungwanara ogē Naganingrum pindah ti Gegersunten ka Kampung Kuta, sabab Gegersunten dijadikeun tempat balad
tentara Ponggawa Balangantrang anu jumlahna 808 dalapan urang diantarana 200
jawara Cakra trisula asuhan Mas Cokro ti Dermayu, 200 urang jawara penca bedog Tambak
asuhan Ki Raksabaya urang Leles Garut, 200 jawara Balukbuk (ahli nyamar jeung
silat teu makē pakarang asuhan Ki Golok mērah urang Bahara) 200 jawara panah asuhan Ki Bangsanaya, 200 urang jawara
sumpit asuhan Ki Igud Jarot jawara turunan Matēnggēng , 4 urang Senapati, 3 urang juru demung jeung saurang Panglima.
Si Jelug
jeug Si Kutik anak baranakan, mekar tina dua jadi rundayan, hirup babarengan
jeung manusa di abur dipakarangan, nyatuan di panutuan, nyileungleum dina pago
pangirikan. Mun burit nyedek sareupna sok rentul na dahan kai teu pati kaciri
sabab buluna hawuk samar ku poēk.
Ngaran Kotok Sentul anu hartina Kotok =
samar teu pati katempo alatan poēk
jeung warna hawuk, sentul = tina basa parentul anu hartina cicing cindukul
babarengan. atawa bisa ditotondenkeun kana rupa buah sentul/kacapi anu rupana
hawuk.
Dina taun
739 Masehi umur Ciungwanara 22 tahun, di puseur dayeuh Galuh keur diayakeun saēmbara
adu hayam, hal ieu ku Ciungwanara jeung Kibalangantrang dimangfaatkeun pikeun
nyerang Karaton Galuh, Ciungwanara mawa Si Jelug keur patandang nyieun jalan pikeun
gugat.
Si Jelug
matandang teu ēlēh jajatēn, anu akhirna tarung jeung hayam raja, Hayam raja ngagolēr paēh nyundut amarah Hariang Banga, anu marēntahkeun nangkep Ciungwanara. Harepan Ciungwanara jadi Kanyataan
bisa padu jeung raja, Ciungwanara ngahiap nyerang karaton, Tamperan jeung
Pangreyep katawan, Hariangbanga dihampura, tapi Hariang Banga ngaloloskeun
Indung jeung Bapana ka Leuweung Cisadap wewengkon Nasol Sadananya. Ciungwanara
murka nepi ka tarungna jeung Hariangbanga, hariangbanga katētēr iana kabur ngētan
ti tatar galuh, Kibangsanaya jeung pasukana ngudag Tamperan jeung Pangreyep ka
Leuweung Cisadap, sabab poē geus
poēk, sangkan teu lolos leuweung
Cisadap di asrek ku panah anu balukarna niwaskeun Tamperan jeung Pangrenyep.
Kajadian ēta nepi ka sanjaya di Singhosari,
Sanjaya nyerang Galuh ku pasukan anu rongkah. Sok sanajan kitu Kibalangantrang
geus ngabadē yēn Sanjaya baris males pati dulurna,
Kibalangantrang jeung pasukana ngahadang bala tentara Singhosari di Patimuan,
anu ngajadikeun perang rongkah. Sengitna perang ēta nepi ka Demunawan Resi ti Sukapura pupuhu Galuh uwana Sanjaya
jeung Adimulya permanadikusumah, akhirna perang bisa dieureunkeun jeung ngajak
dua pihak badami sacara kulawarga.
Duanana mufakat
ngeureunan satru duduluran kalawan ngabagi karajaan jadi dua, Karajaan Sunda ku
Hariangbanga Karajaan Galuh ku Ciungwanara anu watesna Walungan Cimamali Brebes
nepi ka Citarum nu Galuh, Citarum nepi ka Bogor nu Sunda. Sang Manorah alias
Ciungwanara jadi Raja Galuh anu gelarna Prabu Suratama Prabu Jayaprakasa
Mandaleswara Salakabuana ti taun 739 nepi ka taun 783 Masehi, kawin jeung
incuna Demunawan nu ngaran Kancana Wangi ti Sukapura, boga anak awēwē hiji-hijina ngaran Purbasari anu dikawin ku Manistri atawa nu
katelah Lutung Kasarung, numutkeu paparalon parahyangan jeung rundayan Karajaan
Galuh ; Manorah - kencana Wangi bao, jeung Manistri – Purbasari buyutna Sri
baduga Maharaja Prabu Siliwangi anu ngahijikeun Karajaan Sunda jeung galuh jadi
Karajaan Galuh Pakuan Pajajaran di Kawali. (Carita ti alm. Ki Sumardi, 1996
Kuncen Tabet Kinayadipa).
3.
CICIREN WARUGA (KARAHTERISTIK
FENOTIFE) KOTOK SENTUL
Karekter fenotife nyaēta ciri-ciri waruga atawa sifat alamna tina sahiji sato anu bisa
ditalungtik jeung nangtukeun ukuran ogē ditangtukeun bedana jeung nu lian. Karekter fenotife mangrupa wujud tina
sifat genetik ingon-ingon, diantarana ; rupa jeung kelir bulu, kulit, pamatuk,
daging, bentuk awak, jawēr, bulu jangjang, kamampuhan
produksi jeung refroduksi pikeun sato hayam. (Sidadalog,1990).
Karakter fenotife Kotok Sentul anu ēstu ngabedakeun jeung
hayam liana nyaēta rupa bulu anu
dominan ku rupa kulawu dina beuheung, dada, oge jangjang. Kotok Sentul umumna
mibanda bulu kulawu anu diwangun ku warna lian nyusun ēntēpna saperti sisit Oray
Naga, sisit suku kulawu, bodas jeung koneng (Widiastuti,1996) saluyu jeung
bewara Natatmaja et,al.2003.
Dumasar kana intensitas warna kulawu jeung kombinasina ku warna lian,
Kotok Sentul jadi lima (lima) golongan nyaēta ; Sentul Batu anu
buluna kulawu kolot, Sentul Lebu atawa Lawu anu buluna hawuk ngora semu bodas,
Sentul Jambe anu buluna hawuk borontok, Sentul Omas anu buluna hawuk campur
bulu warna koneng emas jeung Sentul Geni anu buluna kulawu campur ku rupa
beureum seuneu. (Misran, Kuncen Tabet Kitapih Pasisian, 1985). Saluyu jeung
katerangan ti Sartika jeung Iskandar, 2007.
( Gambar : Koleksi Kinayadipa Poktan Taruna Guna Bhakti )
Dumasar hasil panalungtikan Nataamijaya 2005, dikanyahokeun yēn bulu Kotok Sentul Bikang nu aya di Ciamis leuwih campur rupana
dibandingkeun jeung Jagona (Tabel 1), perbandingana 72% kulawu/hawuk, 24% rupa
coklat jeung 4% koneng emas. Saluyu jeung hasil panalungtikan Iskandar 2004,
yen bulu Kotok sentul bikang campuran rupa kulawu semu hideung kakonengan sarta
rupa bodas anu prosēntasena 91 : 3 : 3 : 3.
(Tabel 2).
Rupa Bulu
|
Bikang (%)
|
Jago (%)
|
Bulu :
|
||
Hideung
|
0
|
0
|
Koneng gambir
|
0
|
0
|
Coklat Hideung
|
0
|
0
|
Kulawu
|
72
|
100
|
Coklat Kolot
|
24
|
0
|
Koneng emas
|
4
|
0
|
Pamatuk :
|
||
Hideung
|
20
|
10
|
Kulawu
|
4
|
0
|
Bodas
|
68,5
|
90
|
Bodas semu kulawu
|
7,5
|
0
|
Kulit :
|
||
Bodas
|
100
|
100
|
Poek
|
0
|
0
|
Sisit Ceker :
|
||
Hideung
|
0
|
90
|
Kulawu
|
37
|
10
|
Bodas
|
63
|
0
|
(Nataamijaya, 2005)
Upama dibandingkeun jeung Hayam Pelung, atawa jeung hayam lianna nu aya
di Jawa Barat, varēasi rupa bulu bikang
sarua baē (Nataamijaya, 2005)
dinyatakeun yēn dina Hayam Pelung
Jago hideung wungkul sedengkeun dina rupa bulu bikang campur anu
perbandinganana 61% hideung, 19% koneng gambir jeung 20% coklat hideung.
Kajadian ēta alatan populasi
hayam bikang leuwih loba ti hayam jago. Ogē kapangurahan ku budaya
masyarakat anu mibanda kawijaksanaan ngingu hayam bikang sabab aya angkeuhan yēn hayam bikang leuwih produktif ti hayam jago.
Urang Ciamis umumna ngingu Jago Sentul ngan saukur patokan keur ngajagoan
anu diistilahan “Pamacek”, kituna hayam jago lolobana dijual keur peunciteun.
Salain ti ēta hayam jago di ingu
mangrupa karesepan jeung keur aduan, contona ; hayam jago sentul anu kulawu
dianggap ku urang Ciamis mangrupa aslina dumasar kana sajarah jeung dongēng ti karuhuna, alatan ēta teu sagawayah
meuncit hayam jago anu kulawu, aya papagon kolot saperti kieu ;
“ulah mundeskeun puherna bisi
katulah, ulah hirup jati kasilih ku junti, mun kapaksa kudu sanduk-sanduk
papalaku uar bēwara ka karuhuna mēnta idin Nyi Mas Naganingrum bēbēja ka Raja Suratama Jayaprakasa, muja-muja kanu Kawasa ka Hyang Tunggal
anu nyipta waktu tadi.” (Rancabingung, Ki Agus Sobali Wijayakusumah, 2011).
Kotok Sentul upama dibandingkeun jeung hayam liana nu aya di Jawa barat
beurat awakna leuwih pinunjul, ngan aya sahandapeun beurat awak Hayam Pelung (Nataamijaya,
2005). Hayam sentul mibanda karakteristik (ciri wanci) bentuk awak jeung daging
anu bēda ti hayam liana, utamana dina tekstur jeung rasa.
Kalompok
Warna
|
Warna bulu
|
Warna shank
|
Bentuk Jawer
|
Pola bulu
|
Herang Bulu
|
|||||
ekor
|
%
|
ekor
|
%
|
ekor
|
%
|
ekor
|
%
|
ekor
|
%
|
|
Kulawu
|
27
|
91
|
||||||||
Kulawu semuhideung
|
1
|
3
|
||||||||
Kulawu semu omas
|
1
|
3
|
||||||||
Kulawu semu bodas
|
1
|
3
|
||||||||
Hideung
|
15
|
50
|
||||||||
Bodas/koneng
|
15
|
50
|
||||||||
tunggal
|
6
|
20
|
||||||||
Kapri
|
24
|
80
|
||||||||
Polos
|
25
|
83
|
||||||||
Lurik
|
1
|
3
|
||||||||
Perak
|
23
|
77
|
||||||||
Omas
|
7
|
23
|
Tabel 3. Karakteristik
Hayam Sentul
Organ awak
|
Jago sawawa
|
Bikang
sawawa
|
Pustaka
|
Beurat awak (kg)
|
1,96
2,5
2,35 ±
0,0024
2,6
± 0,20
|
1,58
1,85
1,64 ± 0,0024
1,4 ± 0,12
|
1
3
4
5
|
Panjang awak (cm)
|
38,6
|
34,5
|
1
|
lingkar dada (cm)
|
41,2
33,0
|
35,0
31,0
|
1
3
|
Panjang Tonggong (cm)
|
23,9
10,51 ± 1,16
18
23,43 ± 1,91
|
22,4
9,19 ± 0,93
17
22,87 ± 2,24
|
1
2
3
4
|
Panjang jangjang (cm)
|
22,9
24,11 ± 1,63
30,5
|
20,5
20,61 ± 1,16
22,0
|
1
2
3
|
Panjang Beuheung (cm)
|
14,0
18,0
|
12,3
14,0
|
1
3
|
Kandel pamatuk (cm)
|
1,29
|
0,95
|
1
|
Panjang femur (pingping luhur) (cm)
|
11,1
11,25 ± 0,77
13,5
|
9,5
9,35 ± 0,489
9,9
|
1
2
3
|
Panjang
shank (ceker) (cm)
|
12,24 ± 0,84
12,0
4,7
|
9,78 ± 0,54
8,7
2,04
|
2
3
1
|
Lingkar
shank (cm)
|
5,30 ± 0,52
5,2
|
4,14 ± 0,27
4,3
|
2
3
|
Panjang hulu
(mm)
|
39,0
|
38,6
|
1
|
Lebar hulu (mm)
|
33,4
|
30,3
|
1
|
Jangkung
jawer (mm)
|
34,9
19,1 ± 1,12
|
17,3
12 7,4 ± 0,34
|
1
2
|
Lebar jawer
(mm)
|
58,7
|
35,0
|
1
|
Kandel jawer
(mm)
|
14,4
|
3,9
|
1
|
Panjang dada
(cm)
|
13
|
11
|
1
|
Panjang ramo
ceker tengah (cm)
|
7,32 ± 0,59
|
6,10 ± 0,48
|
2
|
Panjang maxilla (cm)
|
3,68 ± 0,44
|
3,38 ± 0,26
|
2
|
Panjang pamatuk
|
33,4
|
32,2
|
1
|
Tina
tabel 3, kaistrēnan yen beurat awak jeung panjangna rupa-rupa, tapi sok sanajan
kitu teu jauh bedana. Hal ieu nandeskeun yēn Hayam Sentul di daērah asalna
(Ciamis) mibanda sarupaning karakteristik anu kuantitatif jeung perbēdaan anu rangēm.
Hal iau ngajadi alatan kawin silang diantara rumpun kotok sentul anu teu di
atur dumasar rumpuna.
Hayam
Sentul mangrupa salah sahiji golongan hayam aduan, tapi kiwari karakter aduna
beuki leungit anu disababkeun ku pola pamiaraana teu hususon pikeun adu tapi
lewih condong keur dagingkeuneun ogē geus dibatesna budaya ngadu hayam. Sabab kiwari ngadu hayam di lingkungan
masyarakat geus jadi salah sahiji kagiatan ilegal anu ngabalukarkeun
kamudarotan jeung ngarempak papagon agama. Pamarēntah geus ngaluarkeun
Peraturan No. 9 Tahun 1981 anu ngalarang sagala bentuk ngadu, kaasup dijerona
ngadu hayam.
4.
KABUTUHAN NUTRISI HAYAM SENTUL
Hayam
Sentul lain hayam pintonan sora, sabab kongkorongokna teu panjang jeung teu
mibanda padalisan ogē teu mibanda langgam. Kituna teu merlukeun nutrisi sangkan
kongkorongokna hadē.
Rekomendasi
kandungan nutrisi metabolisme rangsum hayam sentul nyaēta 13% protēin kasar
jeung 2.750 kkal EM/kg (Widjastuti, 1996), imbangan energi metabolisme jeung
protein ēta baris ningkatkeun kamampuhan produksi hayam sentul anu maximal dina
umur tumuwuh. Dina fase (jarak waktu) ngendog umur hayam leuwih ti 22 minggu
perlu 15% protein kasar jeung 2.750 kkal EM/kg (Widjatuti, 1996).
Geus
dilaksanakeun panalungtikan preferensi hayam sentul ngeunaan bahan parab jeung
sabara loba kabutuhan nutrisina. Baranghakan hayam sentul sapopoēna keur hayam
sawawa anu umurna leuwih ti 42 minggu butuh 100 gram anu ngandung 9,94 protein
kasar jeung energi metabolismena 2,729 kkal (Nataamijaya, et.al. 1995).
Preferensi hayam sentul sawawa pikeun bahan parabna anu dipikaponyo nyaēta ;
jagong, gabah, huut, bungkil kedelē, jeung tipung lauk dina wujud granul
tibatan tipung (Nataamijaya, 1995).
Bahan
parab(gram)
|
Jenis
Hayam Kampung
|
||||||
Sentul
|
Pelung
|
wareng
|
Kedu
hideung
|
Kedu
bodas
|
gaok
|
Nunukan
|
|
Jagong
|
42,3
|
||||||
Gabah
|
26,44
|
||||||
Huut
|
27,10
|
||||||
Bohono
|
0,70
|
||||||
Tipung lauk
|
0,58
|
||||||
Jumlah
|
100,00
|
||||||
Protein kasar
|
9,94
|
||||||
Energi mtbls
|
272,98
|
||||||
Serat kasar
|
3,60
|
||||||
lemak
|
5,62
|
||||||
kalsium
|
1,17
|
Sumber: NATAAMIJAYA et al. (1995)
5.
PRODUKTIFITAS
HAYAM SENTUL
Tingkat produktifitas ingon-ingon katohyan
tina kamampuhan tumuwuhna sarta tina cepet jeung lobana anak baranakan. Ukuran
produktifitas hayam kaukur tina cepetna tumuwuh dumasar kana beurat awak
dibandingkeun jeung umurna. Cicirēn liana nyaēta jumlah anak baranakan
(refroduksi) endog anu dihasilkeun dina jarak waktu anu ditangtukeun.
Pikeun
ngukur refroduksi hayam sentul, Susanti et. al. 2009 ngalaporkeun yēn beurat
megar Ciak (DOC) hayam sentul beuratna 32,2 gram leuwih beurat ti hayam kampung
liana saperti hayam kedu bodas 26,2 gram, kedu hideung 27,6 gram jeung hayam
pelung 29,6 gram ( Crsswell jeung Gunawan, 1982).
Tumuwuhna
hayam sentul saperti dina gambar 6, beuratna awak hayam sentul dina umur
saminggu nepi ka umur 6 minggu kaitung rada telat dibanding tina umur 7 nepi ka
12 minggu anu leuwih cepet (Susanti et al, 2009) ogē Creswell jeung Gunawan
1982 nganyatakeun yēn tumuwuhna DOC tina umu 1 nepi ka 6 minggu hayam sentul
leuwih telat tibatan hayam kampung liana ngan saterusna ngabeuratan awakna ti
umur 7 minggu kaitung luhur nyaēta 70,30 nepi ka 16,87 gram dina sapoēna.
Tingkat
produksi hayam sentul ogē pinunjul dina waku mangsa ngendog (20 nepi ka 35 poē)
mampuh ngahasilkeun endog 10 – 18 endog (Nataamijaya et al.1994) atawa 12 – 30
endog (Sulandari et al, 2007) atawa 28 – 35 endog (Yanto, 2014) anu kamampuan
megarna 90% (Sulandari et al,2007). Prosentase megarna endog hayam sentul
leuwih pinunjul ti hayam kampung liana anu perbandingana 80,3% tibatan hayam kampung sējēn anu dikukut
intensif (Sinurat et al, 1992) saluyu jeung laporan (Dwiyanto 1996).
Dumasar kana
pangalaman peternak ogē katerangan Edi Diana, 2010 dina umur sapuluh minggu
beurat awak hayam sentul mampuh nepi ka sakilogram, upama racikan parab saluyu
jeung kabutuhan nutrisina (trobos, 2010) kituna hayam sentul leuwih prosfektif
dibudidayakeun pikeun peternakan rakyat anu ngahasilkeun daging jeung endog
(Sulandari, et al, 2007).
Galur
ngendog hayam sentul numutkeun laporan Nurhayati, (2001) upama miara ku cara
tradisional saperti kieu ; hayam sentul ngendog dina waktu 21 ± 3 poē. Dina
selang waktu ēta ngahasilkeun 17±1 endog. Saterusna nyileungleum salila 21 poē.
Umur
|
Hayam Sentul (gram)
|
Hayam Kampung lian. 4)
|
Sapoē
|
32,2
|
26,2
|
28 poē
|
138,4
|
164,0
|
56 poē
|
528,4
|
553,0
|
84 poē
|
884,2
|
602,0
|
Gambar 6. Grafik tumuwuhna Hayam
Sentul
Sumber: SUSANTI et al. (2009)
Megarna
hayam sentul ku cara alami nyaeta 88,22 ± 10,2%, saterusna ngasuh ciak salila
60 poē. Sabada ngasuh ngareueuh pikeun ngendog deui salila 12 ± 1,5 poē anu
disebut arang-arang, saterusna ngendog deui sakumaha disebut diluhur
tadi.(Nataatmijaya et al, 1994). Disebutkeun yēn reureuhna hayam sentul ti
ngendog ka ngendog, upama dibandingkeun jeung hayam kampung liana, hayam sentul
mibanda waktu reureuh ngendog anu pondok. Upama dipiara makē pola intensif
hayam sentul mampuh ngendog anu tingkat prosentase (henday) 57,14% jauh leuwih
cepet tibatan hayam kampung sejena ( 17% henday). (Nataamijaya, 2004).(Gunawan et al, 2004).
Nataamijaya
et al, 2004 ngalaporkeun yēn kualitas semēn Hayam sentul leuwih hadē tibatan
hayam lian. Dina ngingu hayam, kualitas semēn ditangtukeun ku (1) genetik,
(2)Rumpun bangsa, (3) parab.
(Gilbert, 1997 jeung Kismiati, 1997) negeskeun
yēn parab utamana imbangan protein jeung energi nangtukeun kualitas semēn anu
dihasilkeun ku hayam. Nilai volumen semēn hayam sentul nyaeta 0,25 – 0,33 mili,
leuwih luhur ti hayam lian anu ngan saukur 0,22 mili, tapi sahandapeun hayam
arab anu polumena 1,26 mili. Atawa hayam ras anu polumena 0,5 – 1,0 mili
(Nataamijaya et al, 2003) ( Sturky jeung Opel, 1975).
Volumen
hayam sentul masih aya dina ukuran normal,(Sturky, 1976 dina Kismiati, 1997) antara
0,11 – 1 mili. Dina sato hayam volume semen dipangaruhan ku faktor rumpun
bangsa, umur jeung parab anu dihakana (Struky, 1976). Oge dipangaruhan ku
ukuran awak, nutrisi parab, jeung faktor liana saperti iklim jeung patempatan
(toelihere,1985 ; Watson, 1978 ; Sturky dina Kismiati, 1997).Motilitas semēn
hayam sentul 71,9% (tabel 7) leuwih hade tibatan hayam pelung (Nataamijaya et
al, 2003).
Nilai Polah ( Kinerja )
|
Parameter Nilai / Katerangan
|
Beurat awak (kg)
|
2,215
|
Produksi endog dina satahun (siki)
|
118
|
Produksi endog dina waktu ngendog %
|
32,41 ± 8,86
|
Umur munggaran ngendog (bulan)
|
5,5
|
Beurat endog (gram)
|
38,3
|
Indeks endog (%)
|
0,78 ± 0,12
|
Volume semēn (mili)
|
0,33
|
pH semēn (mili)
|
7,42
|
Kulaitas Sperma :
|
|
Konsentrasi sperma total (juta per mili)
|
3.031,4
|
Motilitas sperma (%)
|
71,95
|
Periode ferfil sperma (poē)
|
14,4
|
Polume per ejakulasi (mili)
|
0,25 ± 0,04
|
Rupa sperma
|
Bodas susu
|
Kentel Sperma
|
Kentel
|
Rapet sperma
|
DensumƄ)
|
Gerak massa
|
+++:)
|
Motilitas
|
3,53 ± 0,52ď
|
Sperma anu paēh
|
26,32 ± 1,10
|
Partodihardjo,
1982 nganyatakeun yēn ; konsentrasi sperma gumantung kana umur, beurat awak
jeung prekuensi panampungan. Gilbert 1980, ngalaporkeun yē n konsentrasi sperma
salah sahiji ciri wanci turunan, hal ieu nujukeun faktor genetik hayam sentul
anu mibanda kualitas hadē. Konsentrasi semēn hayam umumna aya dina anceran 0,05
– 6,10 sp/ml (Nalbanov, 1990) sedengkeun ph-na antara 8,5 – 9 (Hardianto,
1993), Junanto et al, 2002 nganyatakeun yēn daya hirup semēn nepi ka 102 menit
diluareun awak dina suhu ruangan anu disaluyukeun jeung liang vagina, hubungan
dadasar kandang (litter/cages) jeung hasil pamegaran endog dikanyahokeun mibanda
hubungan anu raket (Widjastuti,1999) oge raket pangaruhna jeung nilai
fertilitas sarta daya megar endog, fertilitas hayam sentul leuwih onjoy upama
dipiara make sistim cages dibanding sistim litter (Widjastuti,1999). Beurat
endog hayam sentul nyaēta 43,87 ± 1,25 gram, sedengkeun fertilitas jeung daya
megarna 80,40 – 78,20 % (Nataamijaya,1994). Hasil megarna hayam sentul
dipangaruhan ku imbangan energi metabolisme jeung protein rangsum, nyaēta 2750
kkal EM/kg jeung 15% PK (Nataamijaya, 1994).
6.
KUALITAS ENDOG HAYAM SENTUL
Hayam
Sentul Bikang sawawa mibanda beurat awak 1850 gram ± 288 gram (Iskandar et al,
2004) leuwih luhur ti beurat awak hayam arab bikang perak sawawa (850 – 1800
gram) mibanda kualitas anu pinunjul dibanding hayam kampung lian, mibanda rupa
coklat ngora sahandapeun rupa hayam kampung anu diabur.
Parameter
|
Nilai
|
Warna Kerabang (cangkang endog)
|
Coklat ngora
|
Bobot endog (g)
|
38,34 ± 0,54
|
Bobot endog periode awal (g)
|
27,30 ± 9,40
|
Fertilitas (%)
|
73,76 ± 3,47
|
Daya megar (%)
|
73,62 ± 4,11
|
Tinggi albumin (g)
|
6,91 ± 1,41
|
Bobot kokoneng endog (g)
|
10,01 ± 0,72
|
Bobot albumin (g)
|
14,73 ± 3,01
|
Warna koneng endog
|
10,01 ± 0,72
|
Haugh unit grade
|
90,05 ± 1,05 (AA2)
|
7.
HUBUNGAN GENETIK HAYAM SENTUL JEUNG
HAYAM KAMPUNG LIANA
Dumasar
kana sajarahna, Hayam Sentul sarua bae jeung hayam kampung liana, anu mangrupa
turunan ti hayam Gallus Galius (Hayam Leuweung Beureum) anu geus ngalaman
proses domestikasi (Thimanni 1968 dina Kingston 1979). Nataamijaya (2000)
nandeskeun yēn di Indonesia aya 32 Breed hayam lokal anu bēda dumasar kana
wanda fenotife-na, beda fenotife ieu balukar ayana diferensiasi genetik tina
salah sahiji populasi anu nyababkeun migrasi demografi (Sartika et al, 2004).
Numutkeun Sartika et al, 2004, dikanyahokeun yēn hayam lokal mibanda karageman
anu jauh, tina hasil panalungtikan hayam sentul, hayam pelung, hayam kedu
hideung, asalna ti turunan anu sarua. Sedengkeun hayam White Leghorn beda turunan.
Jenis
Hayam
|
Kampung
|
Pelung
|
Sentul
|
Kedu
hideung
|
White
Leghorn
|
Kampung
|
0,000
|
1
|
ns
|
1
|
1
|
Pelung
|
0,068
|
0,000
|
1
|
1
|
ns
|
Sentul
|
0,031
|
0,069
|
0,000
|
1
|
1
|
Kedu Hideung
|
0,044
|
0,070
|
0,062
|
0,000
|
1
|
White Lenghorn
|
0,471
|
0,431
|
0,457
|
0,445
|
0,000
|
Sumber: SARTIKA et al. (2004)
Hayam
lokal ngan saukur bēda wanda fenotipe-na, sedengkeun dumasar kana genetikna
masih perlu pinilih sangkan kapibanda breed hayam lokal anu pasini.
Dikanyahokeun dina tabel 9, yēn hayam sentul mibanda wanda turunan anu deukeut
jeung hayam kampung lian, ngan jeung hayam kedu hideung ogē white lenghorn kacida
bedana (Sartika et al, 2004).
8.
NGEMBANGKEUN HAYAM SENTUL DI PASUNDAN
(JAWA BARAT)
Iskandar
et al, (2004) ngayatakeun yēn Hayam Sentul geus dipromosikeun ku pihak Dinas
Peternakan kabupaten Ciamis ti awal tahun 1990-han, dina waktu harita Hayam
Sentul dipromosikeun ku cara anu gemet kalawan dibantu ku Direktorat Jenderal Peternakan
jeung Kesehatan Hewan Kementerian Pertanian RI, sarta Dinas Peternakan Provinsi
Jawa Barat. Ku ayana hal ēta babari
dikanyahokeuna ku balarēa, ngan rahayat leuwih apal ku ngaran Buras (Bukan Ras)
(Iskandar, 1993).
Sentra
hayam sentul di Ciamis waktu harita (tahun 1990-han) nyaēta Dēsa Gunung Cupu
Kacamatan Cikonēng, Kacamatan Cisaga jeung Kacamatan Cijeungjing. Hayam Sentul
geus dianggap hayam pinunjul tibatan hayam kampung lian (Iskandar et al, 2004)
tina Hasil Pengamatan Cepat (RRA, Rapid Rural Appraisal) nandakeun yēn populasi
hayam sentul kacida telatna, kaistrēnan kaayaana baris sirna upama teu
diupayakeun hiji angkeuhan sangkan mustari anu sahadē-hadēna.(Iskandar, 2004).
Sadar
kana hal ēta, kiwari hayam sentul meunang perhatian ti pihak pamarentah
satempat. Hayam Sentul kiwari keur dimekarkeun lain ngan saukur ku Dinas
Peternakan Ciamis baē, tapi ku Dinas Peternakan Provinsi Jawa Barat. Balai
Pengembangan Pembibitan Ternak Unggas (BPPTU) Jatiwangi-Majalengka, Unit
Pelaksana Teknis Dinas Peternakan Jawa Barat wangkid ieu keur mekarkeun unggas
plasma nutfah asli Jawa Barat anu dijerona kaasup mekarkeun Hayam Sentul
(Pikiran Rakyat, 2010). Balai Penelitian Ternak (Balitnak) Ciawi-Bogor ogē
kiwari terus upaya ngamurnikeun genetik Hayam Sentul anu tujuana ngawujudkeun
Hayam sentul daging jeung Hayam Sentul endog anu pinunjul (Susanti, 2009).
9. NGABIBITKEUN
HAYAM SENTUL
Dina
upaya mekarkeun hayam lokal, sarta pikeun ngajaga kalumangsunganana, Pamarentah
ngaliwatan Peraturan Menteri Pertanian
Nomer ; 49/permentan/OT.140/10/2006 ngaluarkeun padoman pikeun mekarkeun bibit
hayam lokal kaasup salah sahijina Hayam Sentul, diantarana sababaraha padoman
pikeun mekarkeun hayam sentul ;
Bibit
;
Bibit hayam sentul anu dipiara kudu
bebas tina hama panyakit sato anu nular anu baris ngabalukarkeun panyakit ka hayam
lian atawa panyakit anu diturunkeuna. Bibit Hayam Sentul anu dikukut kudu hayam
sentul tulen ti daerah asalna, ngawinkeun hayam sentul jeung hayam galur lian
dimeunangkeun upama dibimbing ku intansi teknis widang peternakan jeung
kasehatan hewan. Syarat teknis bibit hayam sentul dumasar kana Peraturan
Menteri pertanian Republik Indonesia tahun 2006 nyaēta ;
1. Bibit hayam baris sehat, teu cacad,
bentuk jeung rupa anu ragem sarta turunan indung hayam anu sehat.
2. Fisik hayam ; warna bulu hayam sentul
bikang kulawu polos, jago kulawu polos
jeung kulawu beureum oge kulawu omas, ceker umumna kulawu semu bodas kitu deui
kulitna, anu bentuk awakna lonyod.
3. Bentuk suku basajan sakumaha ilaharna
suku hayam, jawer hayam jago sentul beureum anu ukurana sedeng (butter cup)
kitu deui keur bikangna ngan ukurana leuwih leutik, kulit rupa beureum asak
seger jeung pialna oge beureum.
4. Upama dipiara ku cara intensif beurat
awak jago 2,2 kg jeung bikangna 1,6 kg, bikang munggaran ngendok dina umur 135
poē anu beurat endogna 41 gram jeung upama geus megar beurat ciak (DOC) 30
gram. Upama dirata-ratakeun jumlah produksi endog 100 – 150 siki dina satahuna
(41%).
Cara
nyiptakeun / nyieun bibit Hayam Sentul
Milih
bikang jeung pamacek
Pikeun
nyangking bibit anu pinunjul, kudu dumasar kana katangtuan bibit unggul, nyaeta
turunan anu produktifitas jeung fertilitasna luhur. Megarna endog oge alus
jeung umur bikangna paling henteu 5 bulan kalawan jagona 8 bulan.
Parab
jeung Obat Kasehatan hewan (Keswan)
Parab
anu digunakeun kudu saluyu jeung kabutuhan minimal gizi hayam lokal oge teu
menang ngagunakeun parab kurut boh ti pakandagngan bibit kitu deui sabalikna,
utamana parab ti kandang bibit teu meunang dikaluarkeun deui ti pakandangan.
Obat sato anu digunakeun saperti premik, farmasik nyaeta rupa obat-obatan anu
geus kadaftar jeung geus mibanda nomer daftar obat sato hayam, dina
ngagunakeuna baris dumasar hasil panalungtikan (diagnosa) dokter hewan anu
saluyu jeung katangtuan.
Parab
Ngagunakeun parab jeung racikana
dumasar kana Peraturan Menteri Pertanian RI tahun 2006, nyaeta ;
1. Anak hayam umur < 3 minggu dibere
parab anu kandungan nutrisi; energi 2900 kkal ME/kg ransum,protein kasar 21%,
kalsium (Ca) 1%, fosfor (P)0,7%, asam amino lisin 0,9 jeung asam aminometionin
0,4.
2. Umur 3 - 6 minggu dibere parab anu kandungan
nutrisi: energi 2900 kkal ME/kg ransum, protein kasar 19%, kalsium (Ca) 1%,
fosfor (P)0,7%, asam amino lisin 0,9 jeung asam amino metionin 0,4.
3. Umur 6 - 18 minggu bisa dibere parab
anu kandungan nutrisi: energi 2700 kkal ME/kgransum, protein kasar 17%, kalsium
(Ca) 1%, fosfor(P) 0,6%, asam amino lisin 0,9 jeung asam aminometionin 0,4.
4. Umur > 18 minggu bisa dibere parab
anu kandungan nutrisi: energi 2750 kkal ME/kg ransum,protein kasar 15%, kalsium
(Ca) 2,5%, fosfor (P)0,7%, asam amino lisin 0,9 jeung asam aminometionin 0,4.
5.
Kandungan
aflatoksin parab teu meunang leuwih ti 20 ppb.jeung pawab dibikeun dina bentuk
lemes / tipung (mash) atawa pellet.
Kasehatan Hewan
(Keswan)
Kandang
bibit hayam sentul kudu make pola jeung kontruksi anu dirancang sahade-hadena
sangkan teu babari dipake nyayang sato lian jeung teu gampang kaeunteupan bibit
panyakit. Kabersihan jeung kasucian kandang tina panyakit kudu dijaga salawasna
ku cara kandang dikosongkeun terus disemprot ku desinfektan jeung obat anu bisa
ngabasmi unen-unen saperti sireum, cucunguk jeung rea deui pupana. Hal eta
baris dilaksanakeu palinghenteu dua minggu samemeh kandang dieusian. Kitu deui
sing saha bae anu asup ka kandang boh kandaraan, alat, jeung barang sejena kudu
beresih ku cara dikumbah disenfektan.
Vaksinasi
hayam tina sagala panyakit anu nular kudu dijadwal dumasar kana anjuran jeung
hasil titenan dokter hewan, vaksinasi wajib dilaksanakeun pikeun nyegah
panyakit tetelo / Newcastle Desease (ND), Ngorok / Infektious Bronchitis (IB)
atawa telih meuting disebut Insfetious Bursal Disease (IBD) jeung Coriza, Avian
Influenza (AI) mangrupa virus H5N1 jeung H7N9.
Upama
kajadian dipakandangan, wajib sacepetna laporan kanu mibanda katangtuan jeung
kawenangan oge hayam anu kaserang teu meunang dibawa kaluar pakandangan tapi
kudu diduruk atawa dikubur sing buni.
Kandang jeung Kalengkepana
Kandang anu ngagunakeun sistim litter pikeun hayam <3 minggu
baris manjing keur 40 ciak dina sameterna, umur hayam 3 – 6 minggu manjing keur
20 ciak dina sameterna, sedengkeun keur umur hayam >14 minggu merlukeun lega
kandang anu manjing keur 6 hayam dina sameterna. Kandang oge baris dijieun tina
bahan material anu babari dibereiskeun jeung disucikeuna, kitu deui pikeun
wadah parab jeung wadah cai nginumna kudu tina bahan anu teu babari taihiyangan
atawa karahaan, ukuran jeung bentukna oge kudu saringset sarta diteundeun anu
babari keur hayam, babari dipindahkeuna oge babari diberesihana. Sasarap
kandang baris garing kitu deui sayang pangendogan jeung cahaya anu asup kudu
rata. Upama ngagunakeun pamanas kudu maranti ulah ditukar-tukeur jeung kandang
lian.
Biosecuriti
Biosecuriti nyaeta tata laku jeung
kibiasaan anu baris dilakukeun pikeun ngajaga kasehatan nu ingon-ingon, kandang
jeung ingon-ingona, hal ieu kacida pentingna pikeun kasalametan nu aya
disabudeureun pakandangan. Gambaran biosecuriti saperti kieu ; pakandangan
dipager sabudeureuna anu jarakna paling henteu 2 meter tina kandang anu maksud
jeung tujuana nyaeta teu gampang asupna sato lian jeung aya antara pikeun
pakandangan, anu asup ka pakandangan baris idzin heula sarta ngagunakeun pakean
anu disadiakeun pikeun asup ka jero kandang anu samemehna kukumbah ku
disinfektan jeung teu meunang mawa Barang lian anu teu dikumbah heula ku
disinfektan anu dosisna 1-3 ppm.
Atawa sing saha bae anu asup kudu
ngaliwatan ruangan sinar ultra violet tur disemprot ku diinfektan sapuratina.
Refroduksi
(Kawin Hayam)
Refroduksi dina mekarkeun hayam sentul
bisa dilaksanakeun ku cara kawin alam atawa di-IB (inseminasi Buatan). Pikeun
kawin hayam ku cara alam perbandingana antara 1 pamacek 5 bikang, pikeun cara
IB sangkan nyangking fertilitas anu luhur alusna dilakukeun dina waktu burit
sabada hayam ngendog.
Nitenan endog
pegarkeuneun jeung pamegaran
Dina
ngaropēa endog hayam
sentul anu bakal dipegarkeun jeung
pamegarana samistina aya sababaraha hal anu baris dilaksanakeun, nyaēta ;
1. Endog anu
bakal dipegarkeun teu meunang endog anu geus leuwih ti genep poe lilana dina
sayang.
2. Samēmēh dipegarkeun kudu dipilih endog anu beuratna paling
henteu 37 gram, wujudna lonyod jeung cangkangna alus teu rengat ogē lemes kaayaanana.
3. Samēmēh diasupkeun kana mesin pamegaran kudu diteundeun dina
wadah anu suhuna 22 – 25 darajat celcius.
4. Samēmēh endog diasupkeun kana pamegaran, paling henteu
pamegaran geus dihirupan 2 jam Samēmēhna dina suhu
35 darajat celcius, saterusna endog diasupkeun kana pamegaran anu suhuna 35
darajat celcius salila 4 poe saterusna panteng dina suhu 38 – 39 darajat nepika
endog hayam megar.
Ngaropēa Ciak (DOC) jeung sabadana
Dina ngaropēa ciak dina hasil ngabibitkeun, hadēna dilaksanakeun hal saperti dihandap
ieu ;
1. Anak hayam
baris dikaluarkeun tina pamegaran upama bulu kumuutna geus garing, anak hayam
disungsi dumasar beurat awakna. Anak hayam anu teu manjing katangtuan beuwat
kudu dipisahkeun anu starusna ngalaksanakeun metoda sexing (milah jago jeung
bikang) ku cara muka kloaka, sora jeung bulu).
2. Anak hayam
anu dikauarkeun kudu di vaksin paling henteu dina umu 4 poē, ogē dibarengan ku catetan atawa jadwal vaksinasi, merek
vaksin, jeung pangropēa seterusna.
Sabada/Pasca DOC pikeun hayam sentul, estuna
dilaksanakeun hal saperti kieu ;
1. Ngaluarkeun
DOC pikeun biit hadēna umur 6
minggu, sangkan geus atra jago atawa bikangna, saterusna ogē kudu dipiara dina kandang gaganti
indungna anu suhu jeung kaayaan disaluyukeun jeung indungna, salain ti ēta pasilitas sejena baris manjing
kagenahan keur anak hayam.
2. Tiap poē kudu dicatet sagala rupana sangkan
bibit nu dicangking mibanda data anu nandeskeun pola pamiaraan, katowēksaan jeung katalētanan anu nentra. (recording).
3. Dina hal ieu
nyungsi (culling) anak hayam baris kalaksanakeun dina sapopoēna dumasar kana tumuwuhna anak hayam nu
dipiara di pakandangan.
KASIMPULAN
Dumasar kana pinunjulna hayam sentul utamana dina
produksi daging jeung endog, kaistrēnan yēn hayam
sentul mibanda performans anu kacida hadēna tur leuwih pinunjul ti hayam kampung lianna. Ku
sabab ēta, Hayam
Sentul kacida alusna upama dimanfaatkeun keur ngahasilkeun endog jeung daging.
Hanjakal hayam sentul tinggal saeutik, nungtut upaya mekarkeun anu intensif
sangkan mustari jeung kaala hasilna.
Ngukut hayam sentul parok upama dipakē pikeun paternakan rahayat sangkan
mekarna nutfah asli Ciamis ogē kagali potēnsina tur kacangking mangfaatna kubalarēa.
Utamana
keur urang tatar galuh, kudu nyaring ēling ka diri, ulah jati kasilih ku junti, istrēnan jati ciri nagari, pisti-pusti ciri
pasini Ciamis, galur titingal karuhun, guar
pusaka Ciungwanara, pengkuh ka galuh –
ngagaleuh dina taneuh - tumetep dina galih. Hayam Sentul turunan Si
Jelug, raja pagedug jayaprakasa sangkan
adag-adag dibuana. Rampes ...
DAFTAR PUSTAKA
Komentar
Posting Komentar